Nikreuh lemah
Mepende peurihna ati
Mirosea kahayang nu jadi cukang lantaran
Bet tiwas di sagara kamelang.
Alum nu jadi ngalayung
Muru hurip ti wanci ibun
Karandap sesa sagara
Nu jero tan maksa rasa
Geuning lawas
Pabuaran anggang sindang na piheman
Baku limpung sumawon asak na tutung
Lalaki ngarti miara rasa nu jadi nyata
Di wanci katompernakeun
Lalaki ngarti nu satuju katindesan
Tina alam hurip nu hirup di liwatan.
Bandung, 16 Januari 2009
ALus euuy sajakna…
sae kang!!! hatur nuhun…..