“Cing ngarénghap heula didieu ‘Ki jeung kami!”
pokna ngagupayan ka anu keur kahujanan
“geus sabaraha lila markiran téh? aya 10 taun?”
Piriwit baseuh lésot tina biwir aki-aki umur tujuh puluhan.
“Waah ti ujang acan lahir aki mah geus markiran didieu!”
“Rek kitu waé nepika maot, Ki?”
“Nya ari enggeus kumaha deui? tanaga geus suda, korupsi teu bisa.”
“Nya lebar wéh kana waruga atuh, kapoé kahujanan saumur hirup”
Piriwit baseuh lésot tina biwir aki-aki umur tujuh puluhan.
Nampan récéhan ti mobil nu ngadius nutupkeun kaca pantona.
Leumpang ampir sosoloyongan. Ratusan mobil kaluar-asup ti sisi jalan raya.
Teu kungsi lila jol mobil dines.
“Tét tot… tét tot” sora klakson ngodeuan. Gura-giru nyamperkeun bari ngodok ngarawu eusi pésak calana.
Mobil dines indit. Nu mabok nampan. Nu maké seragam geus ngadagoan.
Panonpoé ngulon.
Manéhna maksakeun karep nangtung miriwitan mobil macet sisi jalan. Tuluy ngulahék kapiuhan.
Botol vodka eusi marjan masih nyelap di pésak tukang.
Fiksi Mini, 21.04.2013
Tinggalkan komentar