Feeds:
Pos
Komentar

Tembang Sunda, Nining Méida

Asih urang diapungkeun ka langit
Muntang kana méga
Ucang anggé duaan
Asih urang dipentangkeun ka langit
Manteng dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang
ting karetip dina béntang célak
dumalingna cinta
Diaping ku jempling peuting
diayun ku lagu dengkleung
hariring gentra katineung
urang duaan

Asih urang
kahibaran linduh bulan sirna
cahayana cinta
sapasi sungkeman ati
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

—–

Jaipongan

Peuting harita
basa kuring jeung manéna
waktu patukeur carita
méré janji jeung subaya
nu pinuh ku kaéndahan
pikeun ati nu munggaran
duaan ngumbar lamunan
hayang hirup sauyunan

#
Hanjakal nikmat duriat
teu sangka bet bisa pegat
horéng miyuni balébat
ngan ukur mangsa tibelat

Teungteuingeun…
Harianeun…

Asih kuring nu dibikeun
teu nyana geuning leungiteun
horéng peuting panungtungan

—-
peuting anu jadi saksi
keur waktu janji mimiti
nu pinuh kupangharepan
keur urang paduduaan

Nikmat duriat nu éndah
arek silih pikanyaah
teu sangka geuning teu sangka
horéng kieu balukarna
—-

Peuting harita anu mawa kabagjaan
kaasih deudeuh katrésna
hésé bakal méréskeunana
lila pisan rék janglarna
nyeri peurih salamina

panutan geuning teu sangka
anjeun geus boga gantina

back to: #

Nyanyian Cintaku

hqdefault

Kunyanyikan lagu cinta
Kunyanyikan lagu cinta
ketika aku jauh darimu

Nyanyikankah lagu cinta ini
seperti yang telah kulakukan
menyanyikan laguku ketika engkau merasa sendu

ketika aku jauh, Sayang, hari-hari akan lebih panjang
malam nan gelap dan engkau menyendiri
Cobalah mengingat laguku supaya tabah
menyanyikannya cintaku ketika aku pergi

Kunyanyikan lagu cinta
Kunyanyikan lagu cinta
ketika aku jauh darimu

Nyanyikankah lagu cinta ini
seperti yang telah kulakukan
menyanyikan laguku ketika engkau merasa sendu

begitu banyak waktu kita bersama
bersenda gurau tentang betapa besar cinta kita
sekarang aku harus pergi, akuakan menulis beberapa surat
satu hari engkau akan menunggu di sini untukku
Kunyanyikan lagu cinta
Kunyanyikan lagu cinta
ketika aku jauh darimu

 

Terjemahan  bebas dari lagu Sing My Love Song – Jackpot (1978)

Setan Botol

“Cing ngarénghap heula didieu ‘Ki jeung kami!”
pokna ngagupayan ka anu keur kahujanan
“geus sabaraha lila markiran téh? aya 10 taun?”

Piriwit baseuh lésot tina biwir aki-aki umur tujuh puluhan.
“Waah ti ujang acan lahir aki mah geus markiran didieu!”
“Rek kitu waé nepika maot, Ki?”
“Nya ari enggeus kumaha deui? tanaga geus suda, korupsi teu bisa.”
“Nya lebar wéh kana waruga atuh, kapoé kahujanan saumur hirup”

Piriwit baseuh lésot tina biwir aki-aki umur tujuh puluhan.
Nampan récéhan ti mobil nu ngadius nutupkeun kaca pantona.
Leumpang ampir sosoloyongan. Ratusan mobil kaluar-asup ti sisi jalan raya.

Teu kungsi lila jol mobil dines.
“Tét tot… tét tot” sora klakson ngodeuan. Gura-giru nyamperkeun bari ngodok ngarawu eusi pésak calana.
Mobil dines indit. Nu mabok nampan. Nu maké seragam geus ngadagoan.

Panonpoé ngulon.
Manéhna maksakeun karep nangtung miriwitan mobil macet sisi jalan. Tuluy ngulahék kapiuhan.
Botol vodka eusi marjan masih nyelap di pésak tukang.

 

Fiksi Mini, 21.04.2013

Sajak 3kg.

Aku tau,
kau tidak main2 terhadapku.

Aku tau,
dalam hal ini kau seperti memainkan sesuatu.
Ya, apalah artinya itu.
engkau bilang penghematan
tapi mengapa orang-orang bilang bom’
engkau basmi perakit bom’
tapi mengapa engkau tebarkan bibit bom’

Aku tau,
kau tidak saja main2 terhadapku.
sampai engkau takluk.

Bandung, 31 Agustus 2010

Salengkahan

Kihujan nu ngarangrangan
pameunteu anjeun nu pupulasan
tawis kamelang kur bisa ngupahan
naon atuh ari urang
pendak kur sajorelatan

Miajrih diri kagembang rasa nu tumarima
takdir walahir nu teu bisa dianggap mulia

Panineung urang
kapiheulaan tresna sumebar
pasini kiwari pinasti
ngajadi implengan pikeun hanca nu kaliwatan

Bandung, 10.05.2010

Hariring Jempling

Sumur nu jero
bet kaciri langit

Samagaha unggal poe
ningkreb hate nu eces
mangpirang jalma nawu kahirupan

Tuh cahya
nu mangrupa
beunget anjeun ti kajauhan

Bandung 19.02.2010

Samagaha Desa

-kiyai atah-

Ditungtung lembur
aya nu ngiuhan

Diwanci jempling jeung tirisna
ibun teh bet wae turun
ti satiap panon jalma-jalma

Gerendeng sora-sora
nu miajrih sorban manehna
gerendeng deui sora-sora
nganaha-naha

Geus nyata tapak carita
hiji, dua, tilu panon-panon narembongan
beureum kareueut
nyakseni rebuan beja
nu nerekab sadesa!

Bandung 19.02.2010

Kita Harus Berdiri!

Ini kali aku menguji,
tentang hidup diketinggian
sodagar adalah nama lama
yang masih kau dengungkan.
sementara cukong terdiam dengan mulut menganga dan tangan berseliweran.

Negeriku tercipta belantara asap
tanahku diperkosa penjejak
juga nafas anak-anak kota
bergemuruh dipersimpangan jalan

Kita harus berdiri!
berjalan dengan harapan
harus bernafas bersama anak-anak kota dan desa

Apa yang kau tunda?
tanaman semakin subur menjelma hutan penuh setan
kebun-kebun beralih nama menjadi pesakitan
yang dipaksa, diperas oleh semua cita-cita dan harapan

Inikah wajah baru indonesia?
cincin berjambrud milik mereka
inikah alur kompetisi curang?
yang sedang kau pertontonkan.

Kita harus berdiri!
diatas dua juta kilometer persegi tanah kami.

Bandung, 180110

Pileuleuyan Samarpolah

Pileuleuyan samarpolah
lengkah katukang kur tinggal implengan
maju
muru waktu nu geus kaiuhan
kacipta rasa mawa beja tina raksa diri nyata

Pileuleuyan samarpolah
laku hirup mawa sujud nu tinggal sapotong
rengkak jempe padungdung jeung gurat suwung
kur bisa anteb nyimpen impenan

Pileuleuyan samarpolah
hirup kuring mawa kujur nu nyesa samet tuur
raga badag geus ngengklak di tampian
diseuseup mamala nu jadi ubar kahuripan

Bandung, 06 Pebruari 2009